Wednesday, November 16, 2011

NASKAH LOMBA PIDATO MAPAG TAUN ANYAR 1433 H

NASKAH LOMBA PIDATO
MAPAG TAUN ANYAR 1433 H


Assalamualaikur Wr. Wb.
Alhamdulillah hilladi, jaalal muharormma, sahrol awalil hijriyati liyas hadu anna hadal aama, amul Islami wal muslimin, wasolatu wasalamu ala asrofil ambiya'i warmulsalin waala alihi wasoh bihi ajmain. Amabadu.
Puji sareng syukur urang sanggakeun ka Alloh anu maha agung, anu parantos masihan mangpirang-pirang kanikmatan ka urang sadaya.
Sholawat sareng salam mugia salamina dilimpah curahkeun ka Nabi urang sadayana Rosululloh Muhamad SAW, kakeluargana, kapara sohabatna tur ka umatna anu turut  kana ajaran anjeuna.
Hadirin rohim  makumulloh. Poe ganti poe,  poe ganti minggu. Minggu ganti ku bulan, bulan kaliwat ganti ku taun. Teu karasa ku urang geus karandapan. Sababaraha  sasih  deui taun 1432 H bakal kaliwat, kalayan urang bakal mapag taun annyar nyaeta 1433  H. Pileuleuyan taun 1432 H wilujeng sumping tur  bagea taun 1433 H. Pikeun  umat muslimin  khususna, payus pisan muji syukur ka Alloh SWT anu  parantos ngajadikeun sasih Muharam mangrupakeun  awal sasih perhitungan taun hijriyah. Kalawan jadi saksi yen saestuna umat Islam ngabogaan perhitungan tahun sorangan. Nyaeta Hijriyah. Sasih Muharam dijadikeun awal perhitungan tahun hijriyah kalayan ngalangkungan ljmana para ulama. Pikeun umat Islam ngandung hartos yen taun hijriyah teh dijanteunkeun momentum muhasabah pikeun nanjeurkeun risalah tur ngungkab sajarah perjuangan Rosululoh SAW, jeung nasarupkeun riwayat hijrahna Rosululoh SAW ti Mekah ka Madinah.
Dina mapag taun anyar  ieu urang kudu nitenan. Nalungtik  kalayan sing apik, ngalenyepan tur nafakuran sing husu taun nubaris ditinggalkeun anu geus ku urang karandapan. Tanya rasa, koreksi diri, titenan amal jeung perjalanan hirup urang, ngahisab samemeh dihisab, timbang samemeh ditimbang naon sabenerna anu geus dipigawe jeung diamalkeun ku urang dina raraga ngabdi jeung ngabakti kanu maha suci.







Hadirin Rohimakumulloh
Hikmah mapag tahun anyar 1433 H urang ngalenyepan makna hijrahna Rosululloh SAW, numutkeun Profesor Dr. Syech Mahmud dina kitabna Min taujihatil  Islam ngabagi Hijrah jadi dua bagian.
Kahiji , hijrah badaniah saperti halna Rosululloh SAW sareng para sohabatna hijrah ti Mekah ka Madinah, pikeun nanjeurkeun tur neruskeun perjuangan, sarta ukhuwah Islamiyah.
Kadua, hijrah Qolbiyah atawa sering disebut hijrahna hate nurani: nyaeta ngarobah sikap mental kaum muslimin sangkan ngajauhan nudilarang ku Alloh nuju jalan karidoan Alloh miara martabat jeung kasucian, ngajauhan pagawean pahsa jeung mungkar. Hijrah Qolbiah ieu nileyna paling utama dawuh rosululoh: Apdolul mhajirina manhajaro maa naharollohu taala anhu: Hijrah nupaling utama nyaeta diantara maranehna anu pindah tina perkara anu dilarang ku Alloh kana jalan anu dipika ridona.

Hadirin Rohimakumulloh.
Hayu urang jadikeun tahun anyar anu bakal datang   sangkan leuwih hade tibatan tahun anu geus kaliwat. Sangkan urang teu kaasup jalma anu rugi. Dina mapag taun anyar ieu tangtuna oge kudu dieusi ku kagiatan-kagiatan anu hade kayaning  Dzikrulloh, sholat, do'a akhir jeung awal tahun sodaqoh jariyah, mere maweh tur nulung kasasama, takorub salaku abdina AIloh.
Hey generasi muda Umat Islam, rekan saperjuangan salaku siswa /siswi tur anak didik, jauhkeun kagiatan hura-hura dina cara mapag taun anyar hijriyah atawa tahun Masehi sabab duanana oge milik Islam.jeung umat Islam. Hijriyah pananggalanna dumasar kana perjalanan bulan, anu nangtukeun pagawean ibadah wajib pikeun umat Islam kayaning ibadah puasa jeung sajabina. Tahun masehi pananggalanna dumasar kana perjalanan panon poe, anu nangtukeun pagawean ibadah wajib pikeun umat Islam kayaning ibadah sholat anu lima waktu.
Hayu urang mapag tahun anyar ieu kalayan kucara anu  Islami, tawis atoh tur ­bangga jadi umat Islam. ISHADUU BIANNAL MUSLIM: tembongkeun yen aranjeun teh umat Islam. lslami dina satiap tingkah laku paripolah dina kaihirupan sapopoe.

Hadirin Rohimakumulloh
Mungsakitu anu tiasa kapihatur hapunten bilih aya kalepatan dina cara ngadugikeun
nana.

Billahi fisabililhaq
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.


NASKAH PIDATO 
MIEMUT DINTEN KAMERDEKAAN KA-66 RI

Assalamu’alaikum Wr. Wb.
            Auzubillah
            Bismillah
            Hamdan wasyukron lillah lahaula walakuwata illabilah amabadu

            Sadaya puji miwah syukur urang sanggakeun ka Gusti Alloh anu parantos maparin mangpirang-pirang kanikmatan, taufiq sareng hidayah ka urang sadayana anu taya hinggana. Kalebet kamerdekaan  nagara urang anu dina danget ieu dipiemut kusadaya rahayatna. Solawat sinareng salam pamugi salamina dilimpah curahkeun ka jungjunan urang sadayana yakni kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargina, ka sohabatna tug dugi ka urang salaku umatna.

Hadirin rohimakumulloh.
            Sasih Agustus teh  sasih pangemut-ngemut lahirna kamerdekaan nagara katut bangsa Indonesia tina kakawasaan penjajah nutos janten tradisi satiap taun Agustus taun ieu parantos anu ka-66 kalina rahayat Indonesia miemut kamerdekaan samalah agustus taun ieumah aya di tengah-tengah sasih anu pinuh ku barokah, nyaeta sasih Romadon.
            Rahayat Indonesia ngalaksanakeun mangrupa-rupa kagiatan dibarengan kungalaksanakeun ibadah saum.
            Disagedengeun ngebrehkeun rasa syukur ka Alloh SWT. Tina nikmat anu teukaitung hargana oge ngandung hartos miemut kana jasana para suhada sareng para pahlawan kusuma bangsa  anu parantos ngorbankeun harta banda, katut jiwa ragana pikeun ngabela bangsa, nagara jeung agama sahingga nagara Indonesia jadi nagara anu merdeka, anu terhormat, sami sareng bansga-bangsa liana anu parantos langkung tipayun merdekana.

Hadirin rohimakumulloh.
Kulantaran kitu peryogi pisan urang sadaya manjatkeun syukur ka Alloh SWT, kalawan ulah hilap nganuhunkeun ka para suhada sareng para pahlawan bangsa.
Tos jadi kawajiban pikeun urang sadaya salaku generasi penerus kedah mempertahankeun kamerdekaan tur neraskeun hasil perjoanganna kalawan kucara:
·         Ngeusian kamerdekaan kurupi-rupi pangwangunan dina sagala widang terutami widang pendidikan, widang agama, widang hukum, jeung widang ekonomi.
·         Nuwuhkeun silaturahmi, ngajaga nguatkeun persatuan sareng kasatuan bangsa, kalayan heunteu ningali asal-usul katurunan, nu aya mung bangsa Indonesia nu sadulur, silih pikanyaah, silih pika asih tur silih tulungan.
·         Ngajaga kana katengtreman jeung kaamanan hirup jeung kahirupan bangsa Indonesia.

Hadirin rohimakumulloh.
Mungsakitu nutiasa kapihatur mugi sing ageung mangpaatna. Hapunten  anu kasuhun tina samudaya kalepatan.

Billahi fisabililhaq
Wassalamu’alaikum Wr. Wb.



No comments:

Post a Comment

KUMPULAN DONGENG BAHASA INDONESIA TERBARU

Asal Mula Rumah Siput Dahulu kala, siput tidak membawa rumahnya kemana-mana… Pertama kali siput tinggal di sarang burung yang sudah di...